Minggu, 01 Juli 2012

Dasar Hukum Mieling Maulid Nabi Saw.



بِسْمِ اللّهِ الرّحْمـَنِ الرّحِيمِ

قَالَ عِيسَى ابْنُ مَرْيَمَ اللّهُمّ رَبّنَآ أَنزِلْ عَلَيْنَا مَآئِدَةً مّنَ السّمَآءِ تَكُونُ لَنَا عِيداً لأوّلِنَا وَآخِرِنَا وَآيَةً مّنْكَ وَارْزُقْنَاوَأَنتَ خَيْرُ الرّازِقِينَ
(
سورة المائدة ص.114 )

“ parantos ngadoa Nabi Isa putra pamegeutna Sitti Maryam As. : "Hei Pangeran abdi sadaya mugi ngalungsurkeun Gusti ka abdi sadaya kana hiji idangan ti langit ( anu bukti dinteun lungsurna ) pikeun abdi sadaya janteun lebaran nyatana pikeun pirang-pirang koum samemeh abdi sadaya sareung saparantos abdi sadaya, sareung janteun hiji ciri pikeun kakawasaan Gusti; sareung mugi maparin rizqi Gusti ka abdi sadaya sareung ari Gusti Eta Pangsae-saena anu maparin Rizqi".
( Surat Al-maidah ayat 114  )

dina ieu ayat ditegaskeun yen lungsurna idangan dianggap salalu lebaran pikeun koum anu kempeul ngariung sarta Nabi Isa As. Sareung pirang-pirang jalmi anu dongkap saparantos Nabi Isa As. Di ieu bumi, supados  ngekspresikeun kagumbiraan kalawan eta idangan. Tangtu bae babarna Rosulullah Saw. Salaku Rohmatul `uzhma langkung payus ku urang sadaya dirayakeun kalawan pinuh kagumbiraan tinimbang eta idangan.

Sakumaha pidawuh Rosululloh Saw. :

إِجْعَلُوْايَوْمَ مِلَادِيْ عِيْدَكُمْ


“Kudu ngajadikeun araranjeun kana dinteun kalahiran kaula salaku lebaran aranjeun “ ( Alhadits )
قال صلى الله عليه وسلم من عظم مولدى كنت شفيعاله يوم القيامة, ومن أنفق درهما فى مولدى فكأنماأنفق جبلا من ذهب فى سبيل الله .
  • Sareung pidawuhna deui Saw.  : singsaha jalma anu ngagungkeun ieu jalma kana poe kalahiran kaula mangka bukti kaula eta nyafaatan pikeun eta jalma dina poe kiamah. Sareung sing saha jalma anu infaq eta jalma  kana sadirham dina poe kalahiran kaula mangka saolah-olah infaq eta jalma kana hiji gunung tina  emas dina jalan ( mihareup ridho ) Allah Swt.
وقال أبوبكرالصديق رضى الله عنه من انفق درهما فى مولدالنبى صلى الله عليه وسلم كان رفيقى فى الجنة
  • Parantos ngadawuh Sayyiduna Abu Bakar Shiddiq ra.: singsaha jalma anu infaq eta jalma kana sadirham pikeun maulid nabi Saw. Mangka jadi eta jalma sobat kaula di sawarga.
وقال عمر رضى الله عنه من عظم مولدالنبى صلى الله عليه وسلم فقد أحياالإسلام
  • Parantos ngadawuh Sayyiduna Umar bin Khotob ra.:”Singsaha jalma anu ngagungkeun eta jalma kana maulid Nabi SAW mangka nyata geus ngahirup-hirup eta jalma kana agama Islam.”
وقال عثمان رضى الله عنه من انفق درهما على مولدالنبى صلى الله عليه وسلم فكأنما شهد يوم وقعة بدر وحنين

  • Parantos ngadawuh Sayyiduna Utsman bin Affan ra.:” singsaha jalma anu infaq eta jalma kana sadirham pikeun maulid nabi Saw. Mangka saolah-olah geus nyaksian eta jalma kana poean peurang Badar sareung peurang khunain
وقال على كرم الله وجهه من عظم مولدالنبى صلى الله عليه وسلم لايخرج من الدنيا إلابالإيمان
  • Parantos ngadawuh Sayyiduna A`li bin Abi Tholib Kwh.: singsaha jalma anu ngagungkeun eta jalma kana maulid nabi Saw. Mangka moal maot eta jalma ti dunya kajaba mawa iman.
وقال الشافعى رضى الله عنه من جمع لمولدالنبى صلى الله عليه وسلم إخوانا وهيألهم طعاما وعمل إحسانا بعثه الله يوم القيامة مع الصديقين والشهداء والصالحين ويكون فى جنات النعيم

  • Parantos ngadawuh Imam Syafi`i ra.: singsaha jalma anu ngariung eta jalma pikeun maulid nabi Saw.  Sarta dulurna samuslim sareung nyiapkeun pikeun aranjeunna kana kadaharan, mangka bakal ngahudangkeun Allah  ka eta jalma dina poe kiamah sarta para shiddiqin, para Syuhada sareung sholihin sareung aya eta jalma di surga na’im
وقال السر السقطى من قصد موضعا يقرأ فيه مولدالنبى فقد أعطى روضة من الجنة لأنه ماقصدذلك الموضع إلالمحبة صلى الله عليه وسلم وقدقال صلى الله عليه وسلم من أحبنى كان معى فى الجنة .إهـ مدارج الصعود ص16
  • Parantos ngadawuh Imam Sirriddin As-Saqthy ra.:” Singsaha jalma anu ngajugjug kana hiji tempat anu maca dina eta tempat kana maulid Nabi SAW mangka yaqin dipaparin eta jalma kana hiji patamanan di surga karana saestuna eta jalma hanteu ngajugjug kana itu tempat kajaba pikeun Cinta ka Nabi SAW. Sakumaha pidawuh Nabi Saw. :”saha-saha jalma anu cinta eta jalma ka kaula mangka bukti eta jalma sarta kaula di sawarga ( di salin tina kitab Madarijus Su`ud kaca 16 )
قال الحسن البصرى قدس الله سره العزيز وددت لوكان لى مثل جبل أحدذهبا لأنفقته على قراءة مولدالرسول
  • Parantos ngadawuh Imam Hasan Al-Bashri Qoddasallohu Sirrohul A`ziz: “ ngarasa seneung kaula lamun bukti kaula ngagaduhan sapertos Gunung uhud tina emas tangtu bakal nginfaqkeun kaula kana pembacaan maulid Nabi muhammad Saw sabab ngagungkeunna.
قال الجنيدى البغدادى رحمه الله من حضر مولدالرسول فقد فاز بالإيمان
  • Parantos ngadawuh Imam Abul Qosim Al-Junaidi ra.:” “ Singsaha jalma anu ngadongkapan kana maulid Rasul sarta ngagungkeun-Na Saw. Mangka nyata bagja eta jalma kalawan iman.
قال معروف الكرخى قدس الله سره العزيز من هيألأجل قراءة مولدالرسول طعاما وجمع إخوانا وأوقدسراجا ولبس جديدا وتعطر وتجمل تعظيما لمولده حشره الله يوم القيامة مع الفرق الأولى من النبيين وكان فى أعلى عليين ومن قرأ مولد الرسول صلى الله عليه وسلم على دراهم مسكوكة فضة كانت اوذهبا وخلط تلك الدراهم على دراهم الأخر وقعت فيها البركة ولايفتقر صاحبها ولاتفرغ يده ببركة مولدالرسول صلى الله عليه وسلم

  • Parantos ngadawuh Imam Ma’ruf Al-Kurhi ra.:”  singsaha jalma anu nyiarkeun pikeun ngagungkeun Maulid Nabi sareung ngempeulkeun pirang-pirang sobatna, ngahurungkeun lampu, ngangge anggean weuteuh, ngangge sesengitan sareung Tajammul ( dangdan ) sabab ngagungkeun maulid Nabi Saw. mangka Allah ngagiring eta jalma dina poe kiamah sarta golongan kahiji ti para Nabi sareung aya eta jalma di saluhureun surga illiyyin sareung singsaha jalma anu maca eta jalma kana Maulid Nabi SAW kana duit ( naha anu dijieun tina perak atanapi emas ) sareung eta duit dicampur sarta duit sejen mangka  berkah bakal murag kajerona sareung moal faqir jalma anu ngagaduhanna sareung artos dina pananganna moal seep kalawan berkah maulid Rasul SAW.
وقال الإمام اليافعى اليمنى رضى الله عنه من جمع لمولدالنبى صلى الله عليه وسلم إخوانا وهيألهم طعاما وأخلى مكانا وعمل إحسانا وصار سببا لقراءة مولدالرسول بعثه الله يوم القيامة مع الصديقين والشهداء والصالحين ويكون فى جنات النعيم

  • Parantos ngadawuh Imam Al-Yafi’I ra.:”  singsaha jalma anu ngumpulkeun pirang-pirang sobatna sareung niapkeun kadaharan, nyadiakeun tempat, midameul kasaean sareung eta salaku sabab pikeun maca maulid Nabi mangka Allah ngahudangkeun dina poe kiamah engke sarta para siddiqin, syuhada sareung sholihin disurga Na’iim. Sakumaha pidawuh Nabi Saw. :”saha-saha jalma anu cinta eta jalma ka kaula mangka bukti eta jalma sarta kaula di sawarga
قال سلطان العارفين جلال الدين السيوطى فى كتابه الوسائل فى شرح الشمائل مامن بيت أومسجد اومحلة قرئ فيه مولدالنبى صلى الله عليه وسلم إلاحفت الملآئكة بأهل ذلك المكان وعمهم الله بالرحمة والمطوقون بالنور يعنى جبرائيل وميكائيل وإسرافيل وقربائيل وعينائيل والصافون والحافون والكروبيون فإنهم يصلون على من كان سببا لقراءة النبى صلى الله عليه وسلم. قال ومامن مسلم قرئ فى بيته مولد النبى صلى الله عليه وسلم إلا رفع الله تعالى القحط والوباء والحرق والآفات والبليات والنكبات والبغض والحسد وعين السوء واللصوص عن أهل ذلك البيت فإذامات هون الله تعالى عليه جواب منكر ونكير وكان فى مقعد صدق عند مليك مقتدر إهـ إعانة الطالبين ص365 ج 3

  • Parantos ngadawuh Sulthon para wali Syekh  Jalaluddin Assuyuti Rhm.dina kitabna Al-wasail, dina nyarahan kitab Asy-syamail : “Hanteu aya ti hiji bumi atanapi masjid atanapi tempat anu dibacakeun Maulid Rasul kajaba malaikat ngeupung ahli (panghuni) eta tempat sareung nyeubarkeun Alloh kalawan  rohmat ( kasih sayang ) sareung ngongkorongan para malaikat kalawan cahaya nyatana malaikat jibril, Mikail, Isrofil, Qurbail, Aynail, shoffun, haffun, sareung malaikat Karobiyyun mangka saestuna eta para malaikat mangmentakeun hampura ka jalma anu nyieun sabab ( orang yang menjadi penyebab )  pikeun maos maulid Nabi Saw, teu aya ti hiji muslim anu dijero imahna dibacakeun maulid Nabi Saw. Kajaba ngaleungitkeun Alloh Swt. Kana paceklik, wabah panyakit, pirang-pirang musibah, pirang-pirang karuksakan benci, iri hati, paningali goreng, kamalingan, ti eta imah, Mangka nalika maot anjeunna mangka ngagampilkeun Alloh swt. Kana waleuran malaika munkar sareung malaikat Nakir, sareung aya anjeunna ditempat anu lereus disagedengeun Raja anu Maha Kawasa.
( di salin tina kitab I`anatuth Tholibin kaca 365 jilid ka 3 )
parantos ngadawuh ibnu taimiyah Rhm. :

فَتَعْظِيْمُ اْلمَوْلِدِ وَاتِّخَاذُهُ مَوْسِمًا قَدْ يَفْعَلُهُ بَعْضُ النَّاسِ وَيَكُوْنُ لَهُ فِيْهِ اَجْرٌ عَظِيْمٌ لِحُسْنِ قَصْدِهِ وَتَعْظِيْمِهِ ِلرَسُوْلِ اللهِ صَلْعَمْ كَمَا قَدَّمْتُهُ لَكَ .ا.هـ
 ( نُقِلَ فِى إِقْتِضَاءِ الصِّرَاطِ اْلمُسْتَقِيْمِ ص.297


“ari ngagungkeun maulid Nabi saw. Sareung ngajanteunkeunna salaku lebaran saban muslim, dipidameul ku sapalihna jalmi, sareung anjeunna bakal kengeng ganjaran anu bangeut geude kalawan midameulna sabab niatna anu sae ( sareung sabab ngagungkeun Rosululloh Saw. Sakumaha anu parantos kaula sadaya dugikeun “.
( Disalin tina kitab Iqtidhoush Shirothil mustaqim kaca 297 )
Jadi Mieling kana dinteunan dibabarkeunna Nabi Saw. Anu mulya kaleubeut kana Taqorruban ilalloh ( nyakeutkeun diri ka Alloh Swt. ) sareung tiasa hasil kalawan maos Al-Quran, maos siroh Nabawiyah ( riwayat hidup kangjeung Nabi Saw. , maos pirang-pirang qosidah Nabawiyah ( Carita Nabi ) , mere sidqoh kadaharan, amar ma`ruf nahyi a`nilmungkar sareung sanes-sanesna. Perkara anu hanteu ngandung paharaman. Sareung pamakruhan atanapi khilaful aula
واعلم أن الإعتناء بمولده صلى الله عليه وسلم من أعظم القربات وذلك يحصل بإطعام الطعام وقراءة القرآن وذكرالقصائدالنبوية فلابد من قصد اليوم الذى ولدصلى الله عليه وسلم فيه بعينه اوالليلة التى ولد صلى الله عليه وسلم فيهامن عددأيام ذلك الشهر بعينه
  • Kanyahokeun ku anjeun saestuna mieling kana maulid nabi Saw kaleubeut kana nyakeutkeun diri ka Alloh swt. Sareung eta tiasa hasil kalawan mere kadaharan, maos Al-Qur`an, maos pirang-pirang qosidah nabi ( carita Nabi ) mangka kudu ngahaja dina dinteun babar-Na saw., atanapi wengina sareung sajumlah dinteun dina eta sasih.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar