بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ
الرَّحِيْمِ
Kalayan
nyeubatkeun
Jenengan Alloh Anu Maha Welas tur Maha Asih
يَنْبَغِى لِكُـلِّ شَارِعٍ فِى فَنٍّ مِنَ اْلفُنُوْنِ أَنْ يَتَصَوَّرَهُ
وَيُعَرِّفَهُ قَبْلَ الشُّرُوْعِ فِيْهِ لِيَكُوْنَ عَلَى بَصِيْرَةٍ فِيْهِ
وَيَحْصُلُ التَّصَوُّرُ بِمَعْرِفَةِ اْلمَبَادِى اْلعَشَرَةِ اْلمَنْظُومَةِ فىِ
قَوْلِ بَعْضِهِمْ :
Seyogyana anu ngandung ganjaran sunnah pikeun saban jalma anu rék diajar hiji élmu, langkung tipayun keudah uninga heula kana pirang-pirang babaran élmu anu baris di pelajari, jeung harepan sangkan tiasa ngawaspaosan élmu anu baris di pelajari, sarta pirang-pirang babaran élmu éta téh ku cara mikawanoh 10 rupi carangka élmu, sakumaha guaran sya’ir anu di abadikan ku sapalih U`lama :
إِنَّ مَبَادِى كُـلَّ فَنٍّ عَشْـرَةُ * اَلْحَـدُّ وَاْلمَوْضـُوْعُ ثُمَّ الثَّـمْرَةُ
وَفَضْـلُهُ وَنِسْـبَةٌ وَاْلوَاضِـعُ * اْلإِسْمُ الإِسْتِمْدَادُ حُكْمُ الشَّارِعُ
مَسَائِلٌ وَاْلبَعْضُ بِاْلبَعْضِ اكْتَفَى * وَمَنْ دَرَى الْجَمِيْعَ حَازَ الشَّـرَفاَ
- Saéstuna carangka
élmu éta jumlahna aya sapuluh
Patokanna / Definisina (1), panempatannna(2) sarta hasilna(3)
- Kautamianna(4), babandinganna(5) sarta panyiptana(6)
Ngaranna(7), asalna(8), hukum agamana(9)
- Sarta pirang-pirang masalahna(10), ceukap diuraikeun sapalih
namung sing saha anu ngababarkeun sadayana, mangka bakal kengeng kamulyaan
Tah kitu kasang tukang ( latar belakang ) panyusunan Mabade’
Élmu hartina carangka hiji élmu sarta hal ieu disebut Muqoddimah élmu hartina
Bubuka hiji élmu dugi ka dipikanyaho sabaraha badag pentingna diajar élmu anu
kasebut sareung ogé perkara anu sanesna.Patokanna / Definisina (1), panempatannna(2) sarta hasilna(3)
- Kautamianna(4), babandinganna(5) sarta panyiptana(6)
Ngaranna(7), asalna(8), hukum agamana(9)
- Sarta pirang-pirang masalahna(10), ceukap diuraikeun sapalih
namung sing saha anu ngababarkeun sadayana, mangka bakal kengeng kamulyaan
1. MUQODDIMAH ELMU TAUHID
وَاْلآنَ نُشَرِعُ فِى فَنِّ التَّوْحِيْدِ فَنَقُوْلُ :
Sareung ayeuna
kuring sadaya baris diajar élmu Tauhid, mangka kuring sadaya nyarios ;
حَدُّهُ عِلْمٌ يَقْتَدِرُ بِهِ
عَلىَ إِثبْاَتِ اْلعَقَائِدِ الدِّنِيَّةِ مُكْتَسِبٌ مِنْ أَدِلَّتِهَا اْليَقِيْنِيَّةِ
1. Wateusan ( definisi ) ;
Wateusan élmu Tauhid nyaéta hiji élmu anu jadi padoman pikeun nempatkeun Aqidah agama Islam anu dumasarkeun pirang-pirang dalil anu ngayakinkeun.
وَمَوْضُوْعُهُ ذَاتُ اللهِ تَعَالىَ
وَصِفَاتُهُ بِحَيْثُ مَايَجِبُ لَهُ وَمَا يَسْتَحِيْلُ وَمَايَجُوْزُ وَذَاتُ
الرُّسُلِ كَذَلِكَ وَاْلمُمْكِنُ مِنْ حَيْثُ أَنَّهُ يُتَوَصَلُ بِهِ اِلىَ
وُجُوْدِ صَانِعِهِ وَاْلمُسْمَعِيَّاتِ مِنْ حَيْثُ اِعْتِقَادِهَا بِذَاتِهِ
تَعَالىَ وَذَاتِ رُسُلِهِ وَمَايَنْبَعُ مِنْ ذَلِكَ
2. panempatan ( rohang wengkuan ) ;Panempatan élmu tauhid nyaéta ngajelaskeun Dzat sarta sipat Alloh sakirana perkara anu wajib, anu mustahil sarta weunang di Alloh Swt, ngajelaskeun Dzat sarta sipat para Rosul ( utusan Alloh ), ngajelaskeun hiji hal anu mungkin, sakirana jadi dalil kana wujud Alloh Swt, sarta ngajelaskeun hiji perkara anu karungu, anu kudu di yakinan dina Dzat Alloh sarta Dzat para Rosul-Na, ogé ngajelaskeun anu mecenghul tina eta perkara .
وَثَمْرَتُهُ مَعْرِفَةُ اللهِ
وَصِفَاتُهُ بِاْلبُرْهَانِ اْلقَطْعِيَّةِ وَاْلفَوْزُ بِالسَّعَادَةِ اْلأَبَدِيَّةِ
3. Buah ( hasilna ) ;Hasil diajar élmu tauhid nyaéta mikawanoh Alloh sarta sifat-sifatnya kalayan dumasar pirang-pirang dalil anu pasti sarta meunangkeun kabagjaan anu langgeung
وَفَضْلُهُ مَعْرِفَةُ
مَايُطْلَبُ اِعْتِقَادُهُ
4. Kautamian ( kaleuwihanana ) ;Kautamian élmu tauhid nyaéta mikawanoh perkara anu keudah di yakinan dugika janteun hiji aqidah atawa kayakinan di jero ageman ( agama ) Islam
وَنِسْبَتُهُ أَنَّهُ أَصْلُ اْلعُلُوْمِ
وَمَاسِوَاهُ فَرْعٌ
5. Babandingan élmu tauhid sareung Élmu sanesna ;Babandingan élmu tauhid sareung pirang-pirang élmu sanesna nyaéta yén élmu tauhid nyaéta akar atawa asal sadaya élmu sareung salian ti élmu tauhid nyaéta pirang-pirang cabangna.
وَوَاضِعُهُ أَبُو الْحَسَنِ اْلأَشْعَرِى
وَمَنْ تَبِعَهُ وَأَبُو مَنْصُوْرِ اْلمَاتُرِدِى وَمَنْ تَبِعَهُ بِمَعْنَى
أَنَّهُمْ دَوَّنُوْا كُتُبَهُ وَرَدُّوْا الشِّبْهَ الَّتِىْ أَوْرَدَتْهَا اْلمُعْتَزِلَةُ
وَاِلاَ فَلاَيَصِحُّ ِلأَنَّ التَّوْحِيْدَ جَاءَ بِهِ كُلُّ نَبِىٍّ مِنْ لَدُنِ
أَدَمَ إِلىَ يَوْمِ اْلقِيَامَةِ
6. Panyipta ( Panyusun )
Panyipta élmu tauhid nyaéta Syekh Abul Hasan Al ‘Asy’ariy sarta panganutna sarta Syekh Abu Mansur Al Maturidiy sarta pangikutna
Maksad panyipta di dieu hartosna nyaéta aranjeunna anu nyeurat sarta nyusun pirang-pirang kitab tauhid sarta teu ngaku pirang-pirang faham anu sasar anu di kamukakeun ku kaum Mu’tazilah atawa pirang-pirang kaum sesat séjénna, panyipta di dieu diartikeun minangka nulis pirang-pirang kitab ngeunaan palajaran tauhid , sabab teu pisan-pisan bener élmu tauhid diciptakeun ku aranjeunna halna saenyana, sabab élmu tauhid geus aya di bantun ku sakur-sakur para nabi tikawit Nabi Adam dugika ka jaman Nabi Muhammad Saw.
وَاسْمُهُ عِلْمُ التَّوْحِيْدِ
لِأَنَّ مَبْحَثَ اْلوَحْدَانِيَّةِ أَشْهَرُ مَبَاحِثِهِ
, وَيُسَمىَّ أَيْضًا
عِلْمُ الْكَلاَمِ لِأَنَّ اْلمُتَقَدِّمِيْنَ كَانُوْا يَقُوْلُوْنَهُ فىِ اْلتَرْجَمَةِ
عَنْ مَبَاحِثِ اْلكَلاَمِ
7. Nami ( jeuneunganna ) ;Élmu ieu dingaranan kalawan élmu “Tauhid” hartosna nunggalkeun ( ngahijikeun ), sabab bahasan nunggalkeun Alloh dina ieu élmu langkung masyhur tinimbang bahasan anu sanesna, dingaranan ogé kalawan élmu “Kalam” sabab para U`lama baheula reumeun nyarios élmu tauhid ieu kalawan sebatan élmu kalam di jero nerjemahkeun pirang-pirang babaran ieu élmu .
وَاسْتِمْدَادُهُ مِنَ
الأَدِلَّةِ اْلعَقْلِيَّةِ وَالنَّقْلِيَّةِ اْلقُرْآنِ وَالْحَدِيْثِ
8. Nara Asal ;Asal élmu tauhid nyaéta tina pirang-pirang dalil akal sarta pirang-pirang dalil Naqliyyah (référénsi) tina Al-qur’an sareung Al-hadits.
وَحُكْمُهُ شَرْعًا وُجُوْبُ اْلعَيْنِى
عَلىَ كُلِّ مُكَلَّفٍ وَكَذَا طَلَبٌ فِيْهِ
9. Hukum Agama ( Ageman ) ;Hukum diajar élmu tauhid numutkeun ageman ( agama ) Islam nyaéta Fardhu A`in / wajib ‘Aeni ( kawajiban sorangan-sorangan ) pikeun saban mukallaf ( anu geus baleg tur boga akal ) nya kitu ogé sarua perkarana nuprih élmu tauhid oge hukumna wajib ‘Aeni ( kawajiban sorangan-sorangan tegeusna teu bisa diwakilan kunu sejen saperti di wakilan ku indung, ku bapa atawa ku anak )
وَمَسَائِلُهُ اَلقَـضاَياَ اْلباَحِـثَةُ
عَنِ اْلواَجِبَاتِ وَالْجَائِزاَتِ وَاْلمُسْتَحِيْلاَتِ
10. Pirang-pirang masalah ( perihal ) ;
Pirang-pirang masalah élmu tauhid nyaéta pirang-pirang kaidah anu ngabahas pirang-pirang perkara wajib, anu ngabahas pirang-pirang perkara weunang sarta ogé ngabahas pirang-pirang perkara anu mustahil.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar