Sabtu, 30 Juni 2012

Mabade’ Élmu

بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ
Kalayan nyeubatkeun Jenengan Alloh Anu Maha Welas tur Maha Asih
يَنْبَغِى لِكُـلِّ شَارِعٍ فِى فَنٍّ مِنَ اْلفُنُوْنِ أَنْ يَتَصَوَّرَهُ وَيُعَرِّفَهُ قَبْلَ الشُّرُوْعِ فِيْهِ لِيَكُوْنَ عَلَى بَصِيْرَةٍ فِيْهِ وَيَحْصُلُ التَّصَوُّرُ بِمَعْرِفَةِ اْلمَبَادِى اْلعَشَرَةِ اْلمَنْظُومَةِ فىِ قَوْلِ بَعْضِهِمْ :

Seyogyana anu ngandung ganjaran sunnah pikeun saban jalma anu rék diajar hiji élmu, langkung tipayun keudah uninga heula kana pirang-pirang babaran élmu anu baris di pelajari, jeung harepan sangkan tiasa ngawaspaosan élmu anu baris di pelajari, sarta pirang-pirang babaran élmu éta téh ku cara mikawanoh 10 rupi carangka élmu, sakumaha guaran sya’ir anu di abadikan ku sapalih U`lama :
إِنَّ مَبَادِى كُـلَّ فَنٍّ عَشْـرَةُ          *       اَلْحَـدُّ وَاْلمَوْضـُوْعُ ثُمَّ الثَّـمْرَةُ
وَفَضْـلُهُ وَنِسْـبَةٌ وَاْلوَاضِـعُ          *       اْلإِسْمُ الإِسْتِمْدَادُ حُكْمُ الشَّارِعُ
مَسَائِلٌ وَاْلبَعْضُ بِاْلبَعْضِ اكْتَفَى         *       وَمَنْ دَرَى الْجَمِيْعَ حَازَ الشَّـرَفاَ
- Saéstuna carangka élmu éta jumlahna aya sapuluh
Patokanna / Definisina (1), panempatannna(2) sarta hasilna(3)
- Kautamianna(4), babandinganna(5) sarta panyiptana(6)
Ngaranna(7), asalna(8), hukum agamana(9)
- Sarta pirang-pirang masalahna(10), ceukap diuraikeun sapalih
namung sing saha anu ngababarkeun sadayana, mangka bakal kengeng kamulyaan
Tah kitu kasang tukang ( latar belakang ) panyusunan Mabade’ Élmu hartina carangka hiji élmu sarta hal ieu disebut Muqoddimah élmu hartina Bubuka hiji élmu dugi ka dipikanyaho sabaraha badag pentingna diajar élmu anu kasebut sareung ogé perkara anu sanesna.
1. MUQODDIMAH ELMU TAUHID
وَاْلآنَ نُشَرِعُ فِى فَنِّ التَّوْحِيْدِ فَنَقُوْلُ :

Sareung ayeuna kuring sadaya baris diajar élmu Tauhid, mangka kuring sadaya nyarios
حَدُّهُ عِلْمٌ يَقْتَدِرُ بِهِ عَلىَ إِثبْاَتِ اْلعَقَائِدِ الدِّنِيَّةِ مُكْتَسِبٌ مِنْ أَدِلَّتِهَا اْليَقِيْنِيَّةِ

1. Wateusan ( definisi ) ;
Wateusan élmu Tauhid nyaéta hiji élmu anu jadi padoman pikeun nempatkeun Aqidah agama Islam anu dumasarkeun pirang-pirang dalil anu ngayakinkeun.


وَمَوْضُوْعُهُ ذَاتُ اللهِ تَعَالىَ وَصِفَاتُهُ بِحَيْثُ مَايَجِبُ لَهُ وَمَا يَسْتَحِيْلُ وَمَايَجُوْزُ وَذَاتُ الرُّسُلِ كَذَلِكَ وَاْلمُمْكِنُ مِنْ حَيْثُ أَنَّهُ يُتَوَصَلُ بِهِ اِلىَ وُجُوْدِ صَانِعِهِ وَاْلمُسْمَعِيَّاتِ مِنْ حَيْثُ اِعْتِقَادِهَا بِذَاتِهِ تَعَالىَ وَذَاتِ رُسُلِهِ وَمَايَنْبَعُ مِنْ ذَلِكَ
 2. panempatan ( rohang wengkuan ) ;
Panempatan élmu tauhid nyaéta ngajelaskeun Dzat sarta sipat Alloh sakirana perkara anu wajib, anu mustahil sarta weunang di Alloh Swt, ngajelaskeun Dzat sarta sipat para Rosul ( utusan Alloh ), ngajelaskeun hiji hal anu mungkin, sakirana jadi dalil kana wujud Alloh Swt, sarta ngajelaskeun hiji perkara anu karungu, anu kudu di yakinan dina Dzat Alloh sarta Dzat para Rosul-Na, ogé ngajelaskeun anu mecenghul tina eta perkara .

وَثَمْرَتُهُ مَعْرِفَةُ اللهِ وَصِفَاتُهُ بِاْلبُرْهَانِ اْلقَطْعِيَّةِ وَاْلفَوْزُ بِالسَّعَادَةِ اْلأَبَدِيَّةِ
 3. Buah ( hasilna ) ;
Hasil diajar élmu tauhid nyaéta mikawanoh Alloh sarta sifat-sifatnya kalayan dumasar pirang-pirang dalil anu pasti sarta meunangkeun kabagjaan anu langgeung

وَفَضْلُهُ مَعْرِفَةُ مَايُطْلَبُ اِعْتِقَادُهُ
 4. Kautamian ( kaleuwihanana ) ;
Kautamian élmu tauhid nyaéta mikawanoh perkara anu keudah di yakinan dugika janteun hiji aqidah atawa kayakinan di jero ageman ( agama ) Islam

وَنِسْبَتُهُ أَنَّهُ أَصْلُ اْلعُلُوْمِ وَمَاسِوَاهُ فَرْعٌ
 5. Babandingan élmu tauhid sareung Élmu sanesna ;
Babandingan élmu tauhid sareung pirang-pirang élmu sanesna nyaéta yén élmu tauhid nyaéta akar atawa asal sadaya élmu sareung salian ti élmu tauhid nyaéta pirang-pirang cabangna.

وَوَاضِعُهُ أَبُو الْحَسَنِ اْلأَشْعَرِى وَمَنْ تَبِعَهُ وَأَبُو مَنْصُوْرِ اْلمَاتُرِدِى وَمَنْ تَبِعَهُ بِمَعْنَى أَنَّهُمْ دَوَّنُوْا كُتُبَهُ وَرَدُّوْا الشِّبْهَ الَّتِىْ أَوْرَدَتْهَا اْلمُعْتَزِلَةُ وَاِلاَ فَلاَيَصِحُّ ِلأَنَّ التَّوْحِيْدَ جَاءَ بِهِ كُلُّ نَبِىٍّ مِنْ لَدُنِ أَدَمَ إِلىَ يَوْمِ اْلقِيَامَةِ

6. Panyipta ( Panyusun )
Panyipta élmu tauhid nyaéta Syekh Abul Hasan Al ‘Asy’ariy sarta panganutna sarta Syekh Abu Mansur Al Maturidiy sarta pangikutna 

Maksad panyipta di dieu hartosna nyaéta aranjeunna anu nyeurat sarta nyusun pirang-pirang kitab tauhid sarta teu ngaku pirang-pirang faham anu sasar anu di kamukakeun ku kaum Mu’tazilah atawa pirang-pirang kaum sesat séjénna, panyipta di dieu diartikeun minangka nulis pirang-pirang kitab ngeunaan palajaran tauhid , sabab teu pisan-pisan bener élmu tauhid diciptakeun ku aranjeunna halna saenyana, sabab élmu tauhid geus aya di bantun ku sakur-sakur para nabi tikawit Nabi Adam dugika ka jaman Nabi Muhammad Saw.
وَاسْمُهُ عِلْمُ التَّوْحِيْدِ لِأَنَّ مَبْحَثَ اْلوَحْدَانِيَّةِ أَشْهَرُ مَبَاحِثِهِ , وَيُسَمىَّ أَيْضًا عِلْمُ الْكَلاَمِ لِأَنَّ اْلمُتَقَدِّمِيْنَ كَانُوْا يَقُوْلُوْنَهُ فىِ اْلتَرْجَمَةِ عَنْ مَبَاحِثِ اْلكَلاَمِ
 7. Nami ( jeuneunganna ) ;
Élmu ieu dingaranan kalawan élmu “Tauhid” hartosna nunggalkeun ( ngahijikeun ), sabab  bahasan nunggalkeun Alloh dina ieu élmu langkung masyhur tinimbang bahasan anu sanesna, dingaranan ogé kalawan élmu “Kalam” sabab para U`lama baheula reumeun nyarios élmu tauhid ieu kalawan sebatan élmu kalam di jero nerjemahkeun pirang-pirang babaran ieu élmu .

وَاسْتِمْدَادُهُ مِنَ الأَدِلَّةِ اْلعَقْلِيَّةِ وَالنَّقْلِيَّةِ اْلقُرْآنِ وَالْحَدِيْثِ
8. Nara Asal ;
Asal élmu tauhid nyaéta tina pirang-pirang dalil akal sarta pirang-pirang dalil Naqliyyah (référénsi) tina Al-qur’an sareung Al-hadits.

وَحُكْمُهُ شَرْعًا وُجُوْبُ اْلعَيْنِى عَلىَ كُلِّ مُكَلَّفٍ وَكَذَا طَلَبٌ فِيْهِ
9. Hukum Agama ( Ageman ) ;
Hukum diajar élmu tauhid numutkeun ageman ( agama ) Islam nyaéta Fardhu A`in / wajib ‘Aeni ( kawajiban sorangan-sorangan ) pikeun saban mukallaf ( anu geus baleg tur boga akal ) nya kitu ogé sarua perkarana nuprih élmu tauhid oge hukumna wajib ‘Aeni ( kawajiban sorangan-sorangan  tegeusna teu bisa diwakilan kunu sejen saperti di wakilan ku indung, ku bapa atawa ku anak  )

وَمَسَائِلُهُ اَلقَـضاَياَ اْلباَحِـثَةُ عَنِ اْلواَجِبَاتِ وَالْجَائِزاَتِ وَاْلمُسْتَحِيْلاَتِ

10. Pirang-pirang masalah ( perihal ) ;
Pirang-pirang masalah élmu tauhid nyaéta pirang-pirang kaidah anu ngabahas pirang-pirang perkara wajib, anu ngabahas pirang-pirang perkara  weunang sarta ogé ngabahas pirang-pirang perkara anu mustahil.


BABARAN BISMILLAH NUMUTKEUN ELMU TAUHID


وَيَنْبَغِى أَيْضًا لِكُلِّ شَارِعٍ فِى فَنٍّ مِنَ اْلفُنُوْنِ أَنْ يَتَكَلَّمَ بِطَرْفِ اْلبَسْمَلَةِ مِمَّايُنَسِبُ ذَلِكَ اْلفَنَّ وَفَاءً بِحَقِّ اْلبَسْمَلَةِ وَوَفَاءً ِبِحَقِّ اْلفَنِّ اْلمَشْرُوْعِ , وَحَقُّ اْلفَنِّ أَنْ يَتَكَلَّمَ الشَّارِعُ بِطَرْفِ اْلبَسْمَلَةِ مِمَّايُنَاسِبُ ذَلِكَ اْلفَنَّ اْلمَشْرُوْعِ , وَحَقُّ اْلبَسْمَلَةِ أَنْ لاَيَتْرُكَ اْلكَلاَمَ عَلىَ اْلبَسْمَلَةِ رَأْسًا
 Seyogyana anu ngandung niley ganjaran sunnah ogé, pikeun jalma anu rék diajar hiji élmu nyaéta supados mikawanoh sapucuk babaran Bismillah numutkeun élmu anu baris di pelajari, sabab mikawanoh sapucuk babaran Bismillah nyaéta minuhan hak Bismillah sarta minuhan hak élmu anu di pelajari, ari hak élmu nyaéta keudah nyarioskeun sapucuk babaran Bismillah saluyu reujeung eta élmu , seudengkeun hak Bismillah nyaeta sakaeudik oge hanteu ngantunkeun nyarioskeun babaran Bismillah.
وَاْلآنَ نُشَرِعُ فىِ فَنِّ التَّوْحِيْدِ فَيَنْبَغِى عَلَيْنَا أَنْ نَتَكلَّمَ ِبِطَرْفِ اْلبَسْمَلَةِ مِمَّايُنَسِبُ اْلفَنِّ التَّوْحِيْدِ
Dina dangeut ieu  ( Ayeuna ) urang sadaya rék diajar élmu tauhid mangka sapanteusna urang sadaya langkung ti payun nyarioskeun sapucuk babaran bahasan Bismillah saluyu reujeung élmu Tauhid.
فَنَقُوْلُ أَنَّ حَرْفَ اْلبَاءَ فىِ اْلبَسْمَلَةِ إِمَّا لِلْمُصَاحَبَةِ عَلىَ وَجْهِ التَّبَارُكِ أَوْ لِلْإِسْتِعَانَةِ كَذَلِكْ وَلاَمَانِعَ مِنَ اْلإِسْتِعَانَةِ بِاِسْمِهِ تَعَالَى كَمَايُسْتَعَانُ بِذَاتِهِ
 Mangka nyarios urang sadaya : kana saestuna hurup Ba dina mimiti kalimah Bismillah ayakalana ngandung harti kasartaan reujeung Alloh ti sagedengeun nyuhunkeun kaberkahan kalayan nyebat Jeuneungan Alloh, aya kalana ngandung harti nyuhunkeun pitulungna ka Dzat Alloh kalayan nyebatkeun Jeuneungan Na, sareung hanteu diceugah nyuhunkeun kana Jeuneungan Alloh Swt sakumaha nyuhunkeun pitulung ka Dzat Na.
وَاْلأَوْلىَ جَعْلُهَا لِلْمُصَاحَبَةِ عَلىَ وَجْهِ التَّبَارُكِ أَوْ عَلىَ وَجْهِ اْلإِسْتِعَانَةِ بِذَاتِهِ تَعَالىَ لِأَنَّ جَعْلَهَا لِلْإِسْتِعَانَةِ بِاِسْمِهِ إِسَاءَةُ اْلأَدَابِ
 Sareung anu pangutamana nyaéta nafsirkeun harti hurup Ba anu tos ditutur  jeung harti kasartaan ti sagedengeun nyuhunkeun kaberkahan kalayan nyeubat jeuneungan Alloh Swt. Atanapi kalayan harti nyuhunkeun pitulung ka Dzat Alloh, sabab nyuhunkeun pitulung kana jeuneungan Alloh nyaeta padameulan anu di cawad tegesna anu dicawad.
لِأَنَّ اْلإِسْتِعَانَةَ تَدْخُلُ عَلىَ اْلآلَةِ فَيَلْزَمُ عَلَيْهَا جَعْلُ إِسْمِ اللهِ مَقْصُوْدًا لِغَيْرِهِ لاَ لِذَاتِهِ
Sabab nyuhunkeun pitulung hartina bakal asup kana pamakéan pakakas ( alat ), saupama nyuhunkeun pitulung éta kana jeuneungan Alloh, mangka jeuneungan Alloh di jadikeun salaku alat anu ngamungkinkeun maksud ka salian Alloh, sanes tujuan ka Dzat Alloh Swt.
Ngamungkinkeun ngamaksud atanapi boga tujuan ka salian Alloh nyaeta di cawad jeung nimbulkeun ka kufuran 
اِلاَّ أَنْ يُقَالَ أَنَّ مِنْ جَعْلِهَا لِلْإِسْتِعَانَةِ بِاسْمِهِ نَظْرًا اِلىَ جِهَةِ اْلأُخْرَى وَهِىَ أَنَّ اْلفَعْلَ اْلمَشْرُوْعُ فِيْهِ لاَ يَتِمُّ عَلىَ وَجْهِ اْلأَكْمَلِ اِلاَّ بِاِسْمِهِ تَعَالىَ لَكِنْ قَدْ يُقَالُ مَظَنَّةُ اْلإِسَاءَةِ اْلأَدَابِ مَازَالَتْ مَوْجُوْدَةً

, bahwa perbuatan yang hendak dilakukan seiring membaca Bismillah adalah tidak sempurna kecuali dengan menyebut nama Allah.
 Kajaba lamun diucapkan, yén ngajadikeun harti hurup Ba kalayan nyuhunkeun pitulung  kana jeuneungan Alloh swt, nyaéta sabab ngarérét ka sisi lian, nyaéta ngarérét kana pangakuan alesanna, yén pagawean anu rék dipigawé sairing maca Bismillah nyaéta henteu sampurna kajaba kalayan nyeubat jeuneungan Alloh.
 Tatapina pangakuan ékol ( alesan ) ieu kawas ieu ogé masih rentan ngabalukarkeun sangkaan anu salah sahingga balukarna kakufuran anu sok aya lantaran éta.
Kacindekanana yén hurup Ba henteu meunang dihartikeun nyuhunkeun pitulung kana jeuneungan Alloh Swt, tatapina saéstuna nyuhunkeun pitulung éta téh nyaeta ka Dzat Alloh Swt, sanes kana Jeuneungan.
وَمَعْنَى اْلبَاءِ اْلإِشَارِىُّ بِى كَانَ مَاكَانَ وَبِى يَكُوْنُ مَايَكوُنُ وَحِيْنَئِذٍ يَكُوْنُ فِى اْلبَاءِ إِشَارَةٌ اِلىَ جَمِيْعِ اْلعَقَائِدِ لِأَنَّ اْلمُرَادَ بِى وَجَدَ مَاوَجَدَ وَبِى يُوْجَدُ مَايُوْجَدُ
 Harti hurup Ba tina sisi isyarat anu kaeusi di jero-na nyaéta parantos ngadawuh Alloh Swt.Ku kaula anu agung, parantos lumangsung hiji perkara anu tos lumangsung, ku kaula ogé baris lumangsung hiji perkara anu bakal lumangsung” tina ieu harti hurup Ba mangrupikeun ciri tina sadaya unsur aqidah, sabab saéstuna anu di maksudkeun tina aqidah éta téh nyaeta:
 “Ku Kaula anu agung, parantos kabiruyungan hiji perkara anu tos kabiruyungan ( terwujud ), ku Kaula anu agung,  ogé baris kabiruyungan hiji perkara anu bakal kabiruyungan”.
وَلاَ يَكُوْنُ كَذَلِكَ اِلاَّ مَنِ اتَّصَفَ بِصِفَاتِ اْلكَمَالِ وَتَنَزَهَ عَنْ صِفَاتِ النُّقْصَانِ كَمَاكَرَّرَهُ بَعْضُ اْلأَئِمَّةِ التَّفْسِيْرِ
 Teu pisan-pisan hurup Ba ngandung harti Isyarat sapertos kitu, kajaba harti Isyarat kasebut eta aya dina Dzat anu ngagaduhan sipat sampurna sarta kasucikeun tina pirang-pirang sipat anu kirang, sakumaha kandungan harti kawas éta di tetepkeun ku Para U`lama Tafsir.
وَالإِسْمُ عِنْدَ البِصْرِيِّيْنَ مُشْتقٌ مِنَ السُّمْوِ وَهُوَ اْلعُلُوُ دُوْنَهُ لِأَنَّهُ يَعْلُوْ مُسَمَّاهُ
  Kalimah “Ismu” dina Bismillah nurutkeun para U`lama dayeuh Bashroh (Iraq) nyaéta dicokot ti kalimah “sumwun” hartina luhur, kalimah ismu henteu di hartikeun salian harti luhur sabab harti luhur méré ciri Maha luhur jeuneungan anu di sebutna nyaéta jeuneungan Alloh Swt.
وَاللهُ عَلَمٌ عَلىَ الذَّاتِ اْلواَجِبِ اْلوُجُوْدِ اْلمُسْتَحِقُّ بِجَامِيْعِ اْلمَحَامِدِ
 jeuneungan Alloh nyaéta hiji jeuneungan dina Dzat anu wajib wujudna, Dzat anu bangeut haq kengeng sadaya pujian.
وَالرَّحْمَنُ الرَّحِيْمُ صِفَتَانِ مَأْخُوْذَتَانِ مِنَ الرَّحْمَةِ بِمَعْنىَ اْلإِحْسَانِ لاَبِمَعْنَاهَا اْلأَصْلِىِّ الَّذِىْ هُوَ رِقَّةٌ فىِ اْلقَلْبِ تَقْتَضِىْ التَّفَضُّلَ وَاْلإِحْسَانَ لِإِسْتِحَالَةِ ذَلِكَ فىِ حَقِّهِ تَعَالىَ
 Kalimah “Arrohman Arrohiim” nyaéta dua sipat Alloh anu di cokot tina kecap “Arrohmah” hartina paparin kasaean, kadua kalimah kasebut henteu di artikan kalawan harti “Arrohmah” anu saéstuna nyaéta kawelas asih tina jero haté anu ngabalukarkeun méré panghurmatan jeung kaalusan kanu di pikanyaahna, saba weulas asih mucunghul tina leuwi haté mustahil pikeun Alloh Swt, ari Alloh eta hanteu ngagaduhan manah.

BAGAN SIPAT ALLOH

Sifat Wajib
Tulisan Arab
Maksud
Sifat
Sifat Mustahil
Tulisan Arab
Maksud
Wujud
ﺟﻮ
Ada
Nafsiah
Adam
ﻋﺪ
Tiada
Qidam
ﻗﺪ
Sedia
Salbiah
Haduth
ﺣﺪﻭﺙ
Baharu
Baqa
ﺑﻘﺎ
Kekal
Salbiah
Fana
ﻓﻨﺎ
Akan binasa
Mukhalafatuhu lilhawadith
ﻣﺨﺎﻟﻔﺘﻪ ﻟﻠﺤﻮﺍﺩﺙ
Bersalahan Allah Ta'ala dengan segala yang baharu
Salbiah
Mumathalatuhu lilhawadith
ﻣﻤﺎﺛﻠﺘﻪ ﻟﻠﺤﻮﺍﺩﺙ
Menyamai atau bersamaan bagi-Nya dengan suatu yang baru
Qiamuhu binafsih
ﻗﻴﺎﻣﻪ ﺑﻨﻔﺴﻪ
Berdiri-Nya dengan sendiri
Salbiah
Qiamuhu bighairih
ﻗﻴﺎﻣﻪ ﺑﻐﻴﺮ
Berdiri-Nya dengan yang lain
Wahdaniat
ﺣﺪﻧﻴﺔ
Esa Allah Ta'ala pada dzat,pada sifat dan pada perbuatan
Salbiah
Ta'addud
ﺗﻌﺪ
Berbilang-bilang
Qudrat
ﻗﺪﺭﺓ
Berkuasa
Ma'ani
Ajzun
ﻋﺟﺰ
Lemah
Iradat
ﺇﺭﺍﺩﺓ
Berkehendak menentukan
Ma'ani
Karahah
ﻛﺮﻫﻪ
Benci iaitu tidak menentukan
Ilmu
ﻋﻠﻢ
Mengetahui
Ma'ani
Jahlun
ﺟﻬﻞ
Bodoh
Hayat
ﺣﻴﺎ
Hidup
Ma'ani
Al-Maut
ﻟﻤﻮ
Mati
Sama'
ﺳﻤﻊ
Mendengar
Ma'ani
As-Summu
ﻟﺻﻢ
Pekak
Basar
ﺑﺼﺮ
Melihat
Ma'ani
Al-Umyu
ﻟﻌﻤﻲ
Buta
Kalam
ﻛﻼ
Berkata-kata
Ma'ani
Al-Bukmu
ﻟﺑﻜﻢ
Bisu
Kaunuhu qaadiran
ﻛﻮﻧﻪ ﻗﺎﺩﺭﺍ
Keadaan-Nya yang berkuasa
Ma'nawiyah
Kaunuhu ajizan
ﻛﻮﻧﻪ ﻋﺎﺟﺰ
Keadaan-Nya yang lemah
Kaunuhu muriidan
ﻛﻮﻧﻪ ﻣﺮﻳﺪ
Keadaan-Nya yang berkehendak menentukan
Ma'nawiyah
Kaunuhu kaarihan
ﻛﻮﻧﻪ ﻛﺎﻫﺎ
Keadaan-Nya yang benci iaitu tidak menentukan
Kaunuhu 'aliman
ﻛﻮﻧﻪ ﻋﺎﻟﻤﺎ
Keadaan-Nya yang mengetahui
Ma'nawiyah
Kaunuhu jahilan
ﻛﻮﻧﻪ ﺟﺎﻫﻼ
Keadaan-Nya yang bodoh
Kaunuhu hayyan
ﻛﻮﻧﻪ ﺣﻴﺎ
Keadaan-Nya yang hidup
Ma'nawiyah
Kaunuhu mayitan
ﻛﻮﻧﻪ ﻣﻴﺘﺎ
Keadaan-Nya yang mati
Kaunuhu sami'an
ﻛﻮﻧﻪ ﺳﻤﻴﻌﺎ
Keadaan-Nya yang mendengar
Ma'nawiyah
Kaunuhu asamma
ﻛﻮﻧﻪ ﺻﻢ
Keadaan-Nya yang pekak
Kaunuhu basiiran
ﻛﻮﻧﻪ ﺑﺼﻴﺭﺍ
Keadaan-Nya yang melihat
Ma'nawiyah
Kaunuhu a'maa
ﻛﻮﻧﻪ ﻋﻤﻰ
Keadaan-Nya yang buta
Kaunuhu mutakalliman
ﻛﻮﻧﻪ ﻣﺘﻜﻠﻤﺎ
Keadaan-Nya yang berkata-kata
Ma'nawiyah
Kaunuhu abkam
ﻛﻮﻧﻪ ﺑﻜﻢ
Keadaan-Nya yang kelu