1. Shiddiq hartina jujur. Saurang Nabi sarta Rosul pasti ngabogaan sipat jujur dina saban cariosan, padameulanna jeung laku-lampahna. Mangka mustahil saurang Nabi sarta Rosul ngabohong demi kapentingan sorangan, atawa pikeun kulawargana.
2. Fathonah hartina Calakan. Nabi sarta Rosul dianugerahi kecerdasan anu asalna ti wahyu Alloh Ta'ala pikeun jadi bukti kebenaran risalah anu dibawana nyaéta bener ti Alloh Ta'ala. Mangka mustahil Nabi sarta Rosul ngabogaan IQ dihandap standar sumawona lemot. Sedengkeun kanyataan yén Nabi Muhammada Shalallahu 'alayhi wa sallam buta hurup, hal éta henteu disebabkan alatan Anjeunna sanes hanteu calakan. Tapi Alloh hoyong ngabuktoskeun ka Kaum Kafir Quraisy yén Alquran sanes karangan Nabi Muhammad Shalallahu 'alayhi wassalam. Tapi entuning Wahyu ti Alloh.
3. Amanat hartina bisa dipercaya. Nabi sarta Rosul nyaéta Manusa anu sok nyeukel amanat naon waé anu Alloh paparinkeun sok sanaos abot pikeun ditepikeunna. sok sanaos nyawa jadi taruhanna, Nabi sarta Rosul baris tetep nyekel amanat anu diembannya. Amanat anu dibikeun ka para Nabi sareung Rosul nyaéta risalah sarta syari'at Alloh Ta'ala. Mangka mustahil para Nabi sarta Rosul ngakhianat kana amanat anu Allohpaparinkeun pikeun anjeunna.
4. Tabligh hartina nepikeun. Nabi sarta Rosul duanana wajib nepikeun ajaran sarta syari'at anu Alloh turunkan ngaliwatan wahyu-na. Henteu kengeng hiji ayat oge anu disumputkeun, sok terkadang eta ayat negor sikeup ( dangong ) atanapi kaputusan Nabi. Mangka saurang Nabi sarta Rosul teu aya anu nyumputkeun wahyu Alloh sarta Maranéhanana sok nyarios anu lereus, cacak remen ogé bebeneran éta ditampik ku kaum kafir.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar